Lirik Likung Lembur
Lirik Likung Lembur
Tuh di lamping (di nu lungkawing)Tuh di pasir (jungkrang)
Tempat sirna (keur bubuara)
Lembur singkur (henteu pacampur)
Boh di leuweung (ludeung)
* Aya mangsa kampung jadi kota di sisi
Pamungpungan jalma nu ti dayeuh ngarungsi
Kampung-kampung gegek lir di kota
Sisi gunung ngadadak sagala aya
* Salin rupa kampung jadi kota darurat
Naek harkat kampung jadi pusat naringkat
Kampung-kampung siasat keur marubus
Rarasaan beuki buni beuki alus
* Gotong royong hirup sauyunan di kampung
Hiji dasar hade keur di kota sagulung
Pangalaman ngungsi jieun bahan
Teu ngan wungkul dijeun “kenang-kenangan”
2
Tuh di lamping (di nu lungkawing)
Tuh di pasir (jungkrang)
Tempat sirna (keur bubuara)
Lembur singkur (henteu pacampur)
Boh di leuweung (ludeung)
* Sauyunan wungkul ngan di kampung
Geus
Pamustungan lali ka urang lembur
Nu bareto ngabagi tepas jeung dapur
* Kiwari mah kampung kararosong porongpong
Pangeusina ngabrul los ka kota ngarendong
Di lemburna da bongan beuki teu aman
Post a Comment for "Lirik Likung Lembur"